Rabu, 27 Juni 2012

باب فى مراتب الذكر وأقسامه


Ari ieu bab dina mertelakeun pirang-pirang tingkat Dzikir sateung pirang-pirang bageanna ( sababaraha cara ngamalkeunna )
قال الله تعالى : وَمَنْ أَعْرَضَ عَن ذِكْرِي فَإِنَّ لَهُ مَعِيشَةً ضَنكًا وَنَحْشُرُهُ يَوْمَ الْقِيَامَةِ أَعْمَى ﴿١٢٤﴾
Parantos ngadawuh Alloh Ta`ala :"Sing saha jalma anu malengos tina pepeling Kaula ( teugeusna hanteu daek dzikir ka Kaula ) mangka saenya-enyana pikeun eta jalma ( bakal meunang ) kahirupan anu heureut jeung bakal ngumpulkeunna kaula dina poe kiamah dina kayaan lolong ( sabab sawaktu hirupna teu acan kantos kersa kersa usaha atanapi bajoang ngamilik Nur Cahya Agung ( Nurun Ala Nurin jeung eta jalma moal meunang pituduh ti Alloh Swt )”. ( Q.S .20 : Thoha :124).
وقال تعالى أيضا : مَن يَهْدِ اللهُ فَهُوَ الْمُهْتَدِي وَمَن يُضْلِلْ فَلَن تَجِدَ لَهُ وَلِيًّا مُّرْشِدًا ﴿١٧﴾
Dawuhan-Na Swt. deui : "Sing saha jalma anu dipaparin pituduh ku Alloh , mangka eta jalma anu kengeng pituduh jeung sing saha jalma anu disasarkeun ku Alloh , mangka moal meunangkeun hiji pamingpin oge ( waliyam mursyida / pamingpin peramalan / Dzikrulloh ) anu mere pituduh ka eta jalma ( Q.S. 18 : Al-Kahfi :17 )

عَنْ اَبِى هُرَيْرَةَ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ  قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : مَا قَالَ عَبْدٌ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ قَطُّ مُخْلِصًا اِلاَّ فُتِحَتْ لَهُ اَبْوَابُ السَّمَآءِ حَتىَّ تُفْضِىَ اِلَى الْعَرْشِ مَااجْتَنَبَ الْكَبَائِرَ. رواه الترمذى وقال : هذا حديث حسن غريب، باب دعاء ام سلمة رضى الله عنهما، رقم : 359
katampi ti Abu Huroiroh r.a. parantos ngadawuh Abu Huroiroh r.a., Rosululloh S.A.W. parantos ngadawuh,hanteu ( pati-pati ) ngucapkeun hiji abdi kana lafazd “ Lailaha ilaaha illalloh ” wungkul, halna ikhlas, anging dibukakeun pikeun eta hiji abdi pirang-pirang panto langit sahingga eta kalimah nepika ka Arasy Ilahi, salami ninggalkeun eta hiji abdi kana pirang-pirang dosa geude.” ( HR. At Tirmidji, saurna, “ ieu Hadits hasan ghorib.” Bab Do’a Ummu Salamah r.ha., Hadits nomor 359 )

وخَرَّجَ الطبرانيُّ بهذا الإسنادِ مَرفوعًا : مَنْ لَمْ يُكْثِرْ ذِكْرَ اللَّهِ فَقَدْ بَرِئَ مِنَ الإِيمَانِ
Parantos ngaluarkeun kana hadits Imam Thobroni kalawan sanad halna marfu:”Saha- saha jalma anu hanteu nyeueurkeun ieu jalma kana nyeubat Alloh  mangka nyata leupas eta jalma tina Iman ( Tsumma naudzubillah ).
عَنْ اَبِى هُرَيْرَةَ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ  قَالَ : قُلْتُ : يَا رَسُوْلَ اللهِ مَنْ اَسْعَدُ النَّاسِ بِشَفَاعَتِكَ يَوْمَ
اْلقِيَامَةِ ؟ قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : لَقَدْ ظَنَنْتُ يَا أَبَا هُرَيْرَةَ أَنْ لَا يَسْأَلَنِي عَنْ هَذَا الْحَدِيثِ أَحَدٌ أَوْلَى مِنْكَ لِمَا رَأَيْتُ مِنْ حِرْصِكَ عَلَى الْحَدِيثِ ، أَسْعَدُ النَّاسِ بِشَفَاعَتِي يَوْمَ الْقِيَامَةِ مَنْ قَالَ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ خَالِصًا مِنْ قَلْبِهِ أَوْ نَفْسِهِ ( رَوَاهُ اْلبُخَارِيُّ )
Katampi ti Abu Huroiroh r.a. parantos ngadawuh Abu Huroiroh r.a.:”kantos ngadawuh kaula ( ka Rosululloh S.A.W.) ;” Hei…Utusan Alloh saha jalma anu pangbagjana di poe kiamah eungke kalawan sabab kengeng syafaat anjeun ? Ngadawuh Rosululloh Saw. :”Hei Abu Huroiroh , yaqin tos nyangki kaula yen hanteu hanteu aya saurang oge anu naroskeun ieu hadits ka Kaula leuwih tiheula tinimbang anjeun , sabab ningali kaula ka anjeun bangeut getol kana hadits, ari jalma anu pangbagjana engke di poe kiamah sabab meunang syafaat kaula nyaeta anu ngucapkeun “ Lailaha ilaaha illalloh ”  barina ikhlas tina hate-na atanapi jiwa-na ( parantos ngariwayatkeun kana eta hadits Imam bukhori )
عَنْ يَعْلَى بْنِ شَدَّادٍ قَالَ : حَدَّثَنِى اَبِى شَدَّادُ بْنُ أَوْسٍ وَعُبَادَةُ بْنُ الصَّامِتِ حَضَرَ يُصَدِّقُهُ قَالَ : كُنَّا عِنْدَ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَقَالَ : هَلْ فِيْكُمْ غَرِيْبٌ يَعْنِىْ مِنْ اَهْلِ الْكِتَابِ ؟ قُلْنَا : لاَ يَارَسُوْلَ اللهِ  فَاَمَرَ بِغَلْقِ الْأَبْوَابِ وَقَالَ : اِرْفَعُوْآ اَيْدِيَكُمْ وَقُوْلُوْا : لآ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ ، فَرَفَعْنَا اَيْدِيَنَا سَاعَةً ثُمَّ قَالَ : اَلْحَمْدُلِلهِ ، اَللهم  اِنَّكَ بَعَثْتَنِى بِهَذِهِ الْكَلِمَةِ وَاَمَرْتَنِى بِهَا وَوَعَدْتَنِى عَلَيْهَا الْجَنَّةَ وَاِنَّكَ لاَ تُخْلِفُ الْمِيْعَادَ ، ثُمَّ قَالَ : اَلاَ اَبْشِرُوْا فَاِنَّ اللهَ قَدْ غَفَرَ لَكُمْ . رواه احمد والطبرانى والبزار ورجاله موثقون: مجمع الزوائد 1/ 164
Katampi ti Ya’la bin Syaddad r.a. parantos nyarios Ya`la :” parantos cumarios kana kaula ( saha ) bapa kaula Syaddad bin Uwais , jeung nalika eta  U`badah bin Shomit r.anhuma. hadir ngaeunyakeun cariosan ramana. Parantos ngadawuh ramana ( tegesna Syaddad bin Uwais ) , “ Kantos aya kaula sadaya di sagedengeun Rosululloh S.A.W. lajeung Manteunna Saw. Tumaros, ‘Naha diantara aranjeun aya jalma aheng ?’ ( maksad Mantenna Saw. eta ahli kitab ). Mangka ngawaleur kaula sadaya, ‘ Teu aya…Hei Utusan Alloh Saw.Lajeung Manteunna Saw. Miwarang kaula sadaya pikeun nutup eta panto barina ngadawuh, ‘Kudu ngangkat araranjeun kana panangan araranjeun jeung kudu ngucapkeun araranjeun kana :” Laa ilaaha illalloh.’ Mangka kaula sadaya ngangkat panangan kaula sadaya bababaraha waktu ( bari ngucap eta kalimah Thoyyibah ). Salajeungna Rosululloh S.A.W. ngadoa :”Alhamdulillah ( ari sadaya pujian eta tetep kagungan Alloh ). Nun Gusti Saestuna Gusti parantos ngutus kaula kalawan ieu kalimah sareung parantos marentahkeun ka kaula ( pikeun ngadakwahkeun ) -Na, sareung Gusti parantos ngajangjikeun ka kaula kana surga pikeun singsaha bae jalma anu ngucapkeun-Na, sareung saestuna Gusti teu acan kantos ingkar jangji.” Lajeung Manteunna ngadawuh ( ka para sohabat), ‘Kudu Garumbira araranjeun karana saestuna Alloh parantos ngahampura araranjeun.” ( HR. Imam Ahmad, Thabrani, Al Bazzar, sareung para perowi-Na bias dipercaya -Majma’uz Zawa-id jilid kahiji kaca 164 )
قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ لِسَيِّدِنَا عَلِىِّ كَرَمَ اللهُ وَجْمَهُ : يَاعَلِىُّ أَغْمَضْ عَيْنَيْكَ وَأَلْصَقْ شَفَتَيْكَ وَأَعْلِ لِسَانَكَ وَقُلْ : أَللهُ أَللهُ
( رَوَاهُ الطَّبْرَنِىُّ وَاْلبَيْهَقِىُّ )
Parantos ngadawuh Rosululloh Saw.ka sayyidina A`li Kwh. :”Hei A`li kudu meureumkeun anjeun kana dua panon anjeun jeung kudu ngarapeutkeun anjeun kana dua biwir anjeun jeung kudu naekkeun anjeun kana letah anjeun jeung kudu ngucapkeun anjeun kana lafadz… Alloh…Alloh…
( Parantos ngariwayatkeun kana hadits Imam Thobroni sareung Imam Baihaqi )
عَنْ عَلِيٍّ كَرَّمَ اللهُ وَجْهَهُ قُلْتُ يَا رَسُوْلَ اللهِ اَيُّ الطَّرِيْقَةُ اَقْرَبُ اِلَى اللهِ وَاَسْهَلِهَا عَلَى عِبَادِاللهِ وَاَفْضَلُهَا عِنْدَ اللهِ تَعَالَى فَقَالَ يَا عَلِيُّ عَلَيْكَ بِدَوَامِ ذِكْرِالله ِ فَقَالَ يَا عَـلِىُّ كُلُّ االنَّاسِ يَذْكُرُوْنَ اللهَ فَقَالَ صَـلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمْ ياَعَلـيّ لَاتَقُوْمُ السَّاعَةُ حَتَّى لَا يَبْقَى عَلَى وَجْهِ الأَرْضِ مَنْ يَقُوْلُ اَللهُ اَللهُ فَقَالَ عَلِيُّ كَيْفَ اَذْكُرُ يَا رَسُوْلَ اللهِ فَقَالَ صَـلَّى اللهُ عَلَيْهِ غَمِّضْ عَيْنَيْكَ وَاسْمَعْ مِنِّى ثَلاَثَ مَرَّاتٍ ثُـمَّ قُلْ مِثْلَهَا وَاَنَا أَسْمَعُ فَقَالَ صَـلَّى اللهُ عَلَيْهِ لَا اِلَهَ اِلَّا اللهُ ثَلاَثَ مَرّاتٍ مُغَمِّضاً عَيْنَيْهِ ثُمَّ قَالَهَا عَلِيُّ كَذَالِكَ
( رَوَاهُ الطَّبْرَنِىُّ وَاْلبَيْهَقِىُّ )
Katampi hadits ti A`li Kwh. Kantos ngadawuh kaula ( ka Rosululloh Saw. ) :”Hei Utusan Alloh Saw. Mana ari jalan ( Thoriqoh ) anu sacakeut – cakeutna ka Alloh Ta`ala sareung sagampil- gampilna pikeun pirang-pirang abdina Alloh sareung samulya-mulyana di sagedengeun Alloh Swt. ? mangka ngadawuh Rosululloh Saw. :”Hei…A`li ( penting ) pikeun anjeun kalawan salawasna dzikir ka Alloh , mangka ngadawuh sayyidina A`li :”Ari sakur-sakur jalma eta pada dzkir ka Alloh , lajeung ngadawuh Rosululloh Saw. :”Moal ngadeug Qiamah sahingga hanteu aya deui anu cicing diluhur ieu bumi hiji jalma anu ngucap ieu jalma kana lafadz…Alloh…Alloh… teuras ngadawuh sayyidina A`li :” kumaha ari carana dzikir kaula …Hei…Utusan Alloh saw. ? mangka ngadawuh Rosululloh Saw. :”Kudu meureumkeun anjeun kana dua panon anjeun jeung kudu ngarungukeun anjeun ka kaula kalawan 3 pirang-pirang balikan teuras kudu ngucapkeun anjeun kana eta contona jeung ari Kaula eta rek ngarungukeun, teuras ngadawuh Rosululloh Saw. Kana lafazh “ La ilaaha illalloh “ kalawan 3 pirang-pirang balikan barina peureum dua socana Saw. Tuluy ngucapkeun sayyidina A`li kana lafazh “ La ilaaha illalloh saperti eta conto”.

( Parantos ngariwayatkeun kana hadits Imam Thobroni sareung Imam Baihaqi )
قال الشيخ أحمد بن عبد الرحمن الشهير بالرطبي رحمه الله تعالى فى كتابه " منحة الأصحاب لمن أراد سلوك طريق الأصفياء والأحباب " ص. ٨٧
Parantos ngadawuh Syekh Ahmad bin Abdurrahman anu Masyhur kalawan sebatan Ar-Ruthby rhm. Dina kitab-na Minhatul Ashhab liman Aroda suluka Thoriqotil Ashfiya wal Ahbab kaca 87 :
أخرج أبو نعيم في حلية الأولياء وطبقات الأصفياء ، عن الفضيل بن عياض : كان أصحاب رسول الله صَلْعَمَ  إذا ذكر الله تعالى
Parantos nyarioskeun Abu Na`im tina kitabna Hilyatul Auliya Wathobaqootul Ashfiyaa, katampi ti Fudhoil bin I`yadh : Bukti para sobat Nabi Saw. tetkala nugucapkeun Dzikir ka Alloh Swt.
 تَمَايَلُوْا يَمِيْناً وَ شَمَالاً كَمَا يَتَمَايَلُ الشَّجر في الريح العاصف إلى قدّام ثم يرجع إلى الوراء .
Tos condong para shohabat ka beulah katuhu ( mastaka-Na ) sareung ka beulah kenca ( mastaka-Na )   sakumaha dengdekna hiji tangkal ku anging topan, nepika hareupeun terus balik deui ka tukang .
 عِنْدَ التَّلفظ بِالذِّكْرِ يَمِيْل بِرَأْسِهِ إِلَى الْجِهَةِ اْليُمْنَى بِلآ ، ويرجع بِإِلَهَ إلى جهة صدره ، وَبِإِلَّا اللهُ إِلَى جِهَةِ اْلقَلْبِ ، وهي اليسار ،
Nalika ngucapkeun Dzikir ngadengdekkeun kana mastaka-na ka tujul katuhu kalawan ngucap  Laa, Jeung balik deui kalawan ngucap  ilaha  nepikana tujul dadana, Jeung kalawan ngucap  illalloh  nepika tujul hate nyatana anu belah kenca.
وينعتها مِنْ سُرَّتِهِ إِلَى قَلْبِهِ حَتَّى تنزل بِالْجَلَالَةِ عَلَى اْلقَلْبِ لتحرق سائر الخواطر الرديئة ،
Jeung misti narik ( ngabeudol ) tina puseur-na nepi kana hate-na, supados jenengan Alloh anu Maha Agung linggih dijero hate, pikeun ngaduruk sakabeh pirang-pirang hasil pamikiran anu licik
ويحقق الهمزة ويمد الألف مداً طبيعياً أو أكثر ،
Anjeunna samistina oge mere teukeunan kana Hamzah jeung manjangkeun Alif halna ceukapan atawa saeutik leuwih panjang
ويفتح الهاء من إله ويسكن الهاء من الله
Ha dina kecap Ilaha samistina dituturkeun kalawan Fathah, jeung Ha dina lafazh Alloh kalawan sukun
قَالَ الشَّيْخُ عَبْدُ اْلقَادِرِ الْجَيْلَانِىُّ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ فى كتابه سرّ الأسرار :" إِذَا أَرَدْتَ الذِّكْرَ فَمِلْ بِرَأْسِكَ إِلَى الْجِهَةِ اْليُمْنَى بِلآ إِلَهَ ، وَرَجِّعْ رَأْسَكَ بِإِلَّا اللهُ إِلَى جِهَةِ اْلقَلْبِ الْمُتَبَارَكِ وَهِيَ تَحْتَ الثَّدْىِ اْلأَيْسَرِ بِقَدْرِ أُصْبُعَيْنِ
Parantos ngadawuh Syekh Abdul qadir Jailani ra. Dina kitabna Sirrul Asror :”Tetkala kareup anjeun kana ngucapkeun dzikir mangka kudu ngadoyongkeun anjeun kana sirah anjeun ka tujul katuhu barina ngucap Laa ilaaha ,  jeung kudu malikeun deui anjeun kana sirah anjeun kalawan ngucap ilaalloh ka tujul hate anu dibarokahan, jeung ari hate anu di barokahkeun eta dihandapeun susu anu beulah kenca kalawan kira-kira dua ramo.
قال الشيخ ابن عربي رحمه الله تعالى في كتابه تنبيه الطلاب : الذكر ينقسم إلى قسمين: حقيقي وغير حقيقي.
Parantos ngadawuh Syekh Muhyiddin Ibnu A`roby rhm. Dina kitabna Tambihuth-Thulab : “ ari dzikir eta narima kabagi kana dua bagean  :
1.dzikir Haqiqi
2.dzikir Ghoir Haqiqi
أما الذكر الحقيقي فهو شهود الحق سبحانه وتعالى بعين القلب في هذه الدار
Anapon ari Dzikir Haqiqi nyaeta  nyaksi kanu Maha Haq ( anu maha suci Alloh Swt  sareung anu maha Luhur Alloh Swt. ) kalawan mata hate di ieu dunya.
 وأما غير الحقيقي فينقسم إلى قسمين: ذكر جلي وذكر خفي
Anapon ari Dzikir Ghoer Haqiqi eta narima kabagi kana dua bagean  :
1. Dzikir Jaly ( jelas )
2. Dzikir Khofi ( samar )
أما الذكر الجلي فهو الذي يتلفظ بـ"لا إله إلا الله في اللسان
Anapon ari Dzikir Jaly ( jelas ) nyaeta anu ngucapkeun kana lafadz : Laa ilaha illallooh kalawan lisan
وأما الذكر الخفي فهو الذي يحفظ معناه في القلب الذي هو محل مشاهدته تعالى؛ لأن القلب يطلق على معنيين أحدهما اللحم الصنوبري الشكل المودع في الجنب الأيسر من الصدر
Anapon ari Dzikir Khofi ( samar ) nyaeta anu miara ma`nana  anu samar dijero hate, anu ari eta hate teh tempat Musyahadah ka Alloh Ta`ala  ,karana saenya-enyana hate  digunakeun kana dua ma`na ari kahijina tina eta dua ma`na nyaeta daging anu kerucut bentukna anu disimpeun di sisi anu belah kenca tina dada

وثانيهما أنه لطيف رباني روحاني متعلق بذلك القلب، فهو المسمى بحقيقة الانسان، وهو الروح الإنساني وهو محل لمشاهدته تعالى
ari kaduana tina eta dua ma`na nyaeta saenya-enyana ari hate eta Lathifah Robany Ruhany anu berhubungan reujeung itu hate mangka ari itu Lathifah Robany Ruhany  eta dingaranan kalawan Sajatina manusa ( Haqeqatna manusa ) jeung ari eta Lathifah Robany Ruhany  eta roh bangsa manusa jeung ari Lathifah Robany Ruhany eta hiji tempat pikeun Musyahadah ka Alloh Swt.
فالقلب لما كمل استعداده وقوي نوره بدوام الذكر المستعلي للمراقبة المستعدة للمشاهدة، صار مرآة للتجلي الإلهي، وهو الجمع بين البحرين وملتقى للعالمين، إنتهى
Mangka tetkala hate  geus pinuh ( sampurna )  persiapanna sareung kakiatan cahaya hate kalawan dawam dzikir anu naek luhur pikeun muroqobah, anu disiapkeun pikeun Musyahadah  , anu jadi eunteung tajalli Kapangeranan,  jeung ari eta Tajjaliyul Ilahiyyah nyaeta kumpulan diantara dua lautan ( hate ) jeung tempat pertemuan  kanu ngurus sadaya Alam .
tutug  Qoul Ibnu Aroby
نقل فى القرطاس بشرح راتب العطاس ص. ١٣٥ :
Disalin tina kitab Al-Qirthos Syarah Rotib Al-Athos kaca 135 :

قال بعض العارفين : إعلم أنّ مراتب الذكر أربع لاخامس لها :
parantos nyarios sapalih para wali :
kanyahokeun ku anjeun kana saenya-enyana pirang-pirang tingkatan dzikir eta mung aya 4 tingkatan teu aya deui anu ka-5-na :
الأولى : الذكر اللسان ، وهو ذكر  : ( لاإله إلا الله )
Ari tingkatan kahiji : eta Dzikir lisan , jeung ari kalimah dzikirna nyaeta :  ( Laa ilaaha illalloh )
الثانية : الذكر القلب : المسمى : الجنان :
Ari tingkatan kadua nyaeta Dzikir hate dingaranan oge kalawan ngaran Dzikir janan
 وذكر اللسان مفتاح ذكر القلب ،
Ari dzikir lisan nyaeta bubuka jalan pikeun dzikir hate ( tegesna dzikir anu kahiji nyaeta bubuka jalan pikeun dzikir anu kadua )
وذكر القلب : ( ألله ، ألله ، ألله ) واللسان مع ذكر القلب ساكنة مالها حركة
Ari kalimah dzikir hate nyaeta : ( Alloh…Alloh…Alloh…) dina waktu migawe anu kadua ieu letah hanteu nuturkeun gerak,
والثالثة : ذكر الروح  :
Ari tingkatan katilu eta Dzikir ruh ,
 ومفتاحه ذكر اللسان وذكر القلب معا ،
Jeung Ari bubuka jalan dzikir ruh nyaeta dzikir lisan jeung dzikir hate halna bareung  ( tegesna duanana ( dzikir lisan jeung dzikir hate ) eta bubuka jalan pikeun anu ka tilu jeung kalimah dzikirna oge :”Alloh...Alloh...Alloh…
)
ومعنى ذكر الروح : أن كل منبت شعرة يقول : ( ألله، ألله، ألله ) ومن هذ الذكروهو ذكرالروحيسمع الذاكر ذكر جميع الكائنات  بأذن رأسه
jeung anu di maksud kalawan dzikir Ruh nyaeta sadaya pori-pori jeung tempat bijil buuk disakabeh badan geus turut ngucapkeun Alloh…Alloh…Alloh
dina tingkatan ieu anjeunna bakal ngarungu kalawan cepil mastakana sadaya pirang-pirang dzikir makhluk anu aya di alam dunya ieu

الرابعة : ذكر السرّ :
Ari tingkatan ka opat nyaeta Dzikir Sir :
 ومفتاحه ذكر اللسان والقلب والروح معا ،
Jeung Ari bubuka jalan dzikir Sir nyaeta dzikir lisan, dzikir hate, jeung dzikir ruh halna bareung  ( tegesna dzikir anu kahiji, kadua, jeung dzikir anu katilu, nyaeta bubuka jalan pikeun dzikir anu ka opat nyatana Dzikir Sir )
 وذكر السر : ( هو ، هو ، هو )
Ari kalimah dzikir sir nyaeta : Huwa…Huwa…Huwa
ولأنّه ما ذكره إلا بالهوية ،
dina tingkatan kaopat ieu kauni ( ngandung, nyamuni ( dijerona ) ma`na sadaya pirang-pirang dzikir sabab anjeunna dzikir mung kalawan Huuwiyyah
وهو يستوعب الأذكار كلَّها ، ويستغرقها استغراق الكوكب والقمر والشمس ، فيظن صاحب ذكر الروح أنّه مسلوب حيث فقد ذكر روحه ، وهو فى مقام النهاية ، وهو مقام ذكر ، وهو قولهم : الفناء فى المذكور ،
ditingkatan ieu anjeunna bakal titeuleum dijero dzikirna jeung anjeunna bakal nyangka dzikirna leungit sabab sora dzikir ruhna leungit jeung ieu dingaranan Fana Fil Mazkur
وهذا هو الغاية القصوى عند الموحّدين والعارفين ،
jeung ari ieu eta tingkatan pangluhurna jeung puncakna dzikir sareung mangrupikeun tingkat akhir, pikeun ahli tauhid sareung para wali ,
 ومع هذا لا ينبغي له ترك الذكر باللسان أبدا ، لأنّ مواهب الحقّ ما لها نهاية
( sok sanajan wa ma`a bi ma`na lao ) ieu tos dihontal namung anjeunna tetep hanteu meunang ninggalkeun anu ka hiji nyaeta anu di ucapkeun kalawan lisan dina salami-lamina, sabab paparin ti Al-Haq hanteu aya wateusna.
وقيل من اصول اهل الملامة ان الذكر على اربعة أقسام ، ذكر بالسان وذكر بالقلب وذكر بالسر وذكر بالروح

Sabagean hukama nyarioskeun ari poko dasar  ahli mulamati yen dzikir ka bagi jadi 4 bagean :
1.dzikir kalawan lisan/ dzikir adat/ Dzikir Nafsu
2.dzikir  kalawan hate/ dzikir al-Aalaa sareung An-Na`maa/ Dzikir  Pangaruh Sifat  / Dzikir taqorrub
3.dzikir kalawan  rusiah / dzikir haibah/ Dzikir Sifat
4.dzikir kalawan ruh / dzikir musyahadah/ dzikir Dzat
فإذا صح ذكر الروح سكت السر والقلب واللسان عن الذكر وذلك ذكر المشاهدة

Lamun dzikir kalawan ruh berjalan kalawan beneur, mangka rusiah, hate jeung lisan bakal cicing tina dzikir
Ari eta dzikir dingaranan dzikir musyahadah
وإذا صح ذكر السر سكت القلب  واللسان عن الذكر ، وذلك ذكر الهيبة
Kitu deui lamun dzikir  rusiah beuneur , mangka hate jeung lisan bakal cicing tina dzikir ieu dzikir dingaranan dzikir haibah
وإذا صح ذكر القلب فتر اللسان عن الذكر ، وذلك ذكر الآلاء والنعماء ،
Lamun dzikir hate beuneur mangka lisan nyorangan tina dzikir jeung hal ieu diseubat dzikir al-Aalaa sareung An-Na`maa””.
وإذا غفل القلب عن الذكر اقبل اللسان على الذكر وذلك ذكر العادة
Nalika hate poho tina dzikir jeung lisan madeup pikeun dzikir , mangka ieu dzikir dingaranan dzikir adat”
ولكل واحد من هذه الأذكار عندهم آفة ،

Pikeun nafsi-nafsi tingkatan ieu dzikir , mungguh aranjeunna ngagaduhan cocoba nyorangan , diantawisna :
فآفة ذكر الروح اطلاع السر عليه ،
Cocoba dzikir ruh nyaeta mucunghulna rusiah kana ruh
وآفة ذكر السر اطلاع القلب عليه ،
Cocoba dzikir rusiah nyaeta mucunghulna hate kana rusiah
وآفة ذكر القلب اطلاع النفس عليه ،
Cocoba dzikir hate nyaeta mucunghulna nafsu kana hate
وآفة ذكر النفس رؤية ذلك وتعظيمه وطلب ثواب او ظن انه يصل إلى شيء من المقامات به
Cocoba dzikir nafsu nyaeta ningali akibat-akibat eta dzikir sorangan sahingga hiji abdi sabab dzikirna nungtut ganjaran atanapi ngira yen kalawan eta dzikir anjeunna bakal neupi kana perkara tina eta tingkatan-tingkatan
واقل الناس قيمه عندهم من يريد اظهاره واقبال الخلق عليه بذلك ،
Peunteun manusa anu panghandapna mungguh aranjeunna nyaeta upami  hiji jalma mikahayang amalna tembong dipayuneun manusa jeung makhluk madeup ka anjeunna kalawan eta amal

 وسر هذا الأصل الذي بنوا عليه
Rusiah dasar eta diluhur diantawisna :

 ان ذكر الروح ذكر الذات
Dzikir Ruh nyaeta dzikir Dzat
وذكر السر ذكر الصفات بزعمهم
Dzikir Rusiah nyaeta Dzikir Sifat
وذكر القلب من الآلاء والنعماء ذكر اثر الصفات ،
Dzikir Hate nyaeta  tina Ala jeung Nu`ama nyaeta Dzikir  Pangaruh Sifat 
وذكر النفس متعرض للعلات ،

Dzikir Nafsu salaku upaya nembongkeun akibat-akibat
فمعنى قولهم اطلاع السر على الروح  يشيرون إلى التحقيق بالفناء عند ذكر الذات ، وذكر الهيبة فى ذلك الوقت ذكر الصفات وهو وجود الهيبة ، ووجود الهيبة يستدعى وجودا او بقية وذلك يناقض حال الفناء ، وهكذا ذكر السر وجود هيبة وهو ذكر الصفات مشعر بنصيب القرب ،
Sedengkeunkeun harti babasan aranjeunna nyaeta mucunghulna rusiah kana ruh , ngaisyaratkeun kana perwujudan kalawan fana nalika dina tahap dzikir dzat, samentawis waktu saperti kitu mangrupikeun dzikir sifat nyatana wujudna haibah , jeung wujubna haibah bakal narik perwujudan atanapi kaabadian , tahapan samodel kitu ngahapus hal ihwal fana.
Kitu deu dzikir rusiah salaku wujud haibah anu mangrupikeun dzikir sifat-sifat , serta merta bakal mucunghul taqorrub.
وذكر القرب الذى هو ذكر الآلاء والنعماء مشعر يبعد مالابه اشتغال بذكر النعمة وذهول عن المنعم والاشتغال برؤية العطاء عن رؤية المعطى ضرب
Dzikir taqorrub anu mangrupikeun dzikir ala` jeung nu`ama  ngalahirkeun kaayaan anu salawasna eling kana ni`mat jeung kariceuwan dipayuneun anu Maha maparin Ni`mat
Samentawis paningali anu mung  nujul kana  wujudna paparin wungkul, kalawan hanteu ninggal kana dzat anu Maparin nyeta bagean anu ngajauhan darajat/ tahapan
 واطلاع النفس نظرا إلى الاغراض اعتداد بوجود العمل وذلك الاعتلال حقيقة
Mucunghulna nafsu anu mung ningali kana tujuan-tujuan kalawan ngetang wangun a`mal-na nyaeta mangrupikeun cacad anu nyata.
وهذه أقسام هذه الطائفة وبعضها اعلى من بعض
Ini anu mangrupikeun bagean-bagean golongan  jeung sabagean anu aya langkung luhur  tibatan sabagean anu sanesna.
والله أعلم
Mung Alloh anu langkung Uninga.