Sabtu, 23 Juni 2012

KAWAJIBAN JALMA-JALMA KA JALMA ANU DITARIMA TOBATNA KU ALLOH :



وجب الناس على الشخص مقبولة التوبته :

ووجب له على الناس أربعة أشياء: أولها أن يحبوه فإن اللَّه تعالى قد أحبه. والثاني أن يحفظوه بالدعاء على أن يثبته اللَّه على توبته. والثالث أن لا يعيروه بما سلف من ذنوبه. والرابع أن يجالسوه ويذاكروه ويعينوه.
Jeung wajib jalma-jalma kudu migawe 4 perkara ka jalma anu ( ditarima tobatna )
Ari ka :
1.yen kudu mikacinta jalma-jalma ka taib karana saestuna Alloh Swt. Nyata geus mikacinta ka taib.
2.ngadoakeunna supaya tetep tobat
3.hanteu moyokna sabab dosa anu geus kaliwat.
4.eta yen ngariung jalma-jalma ka taib jeung ngajak ngobrol  jalma-jalma ka taib jeung ngabantu jalma-jalma ka taib.
ويكرمه اللَّه تعالى بأربع كرامات: أحدها أن يخرجه اللَّه تعالى من الذنوب كأنه لم يذنب قط. والثاني أن يحبه اللَّه تعالى. والثالث أن لا يسلط عليه الشيطان ويحفظه منه. والرابع أن يؤمنه من الخوف قبل أن يخرج من الدنيا
Jeung ngamulyakeun Alloh Swt ka taib  kalawan 4 kamulyaan :
1.yen ngaluarkeun Alloh Swt. Ka taib tina pirang-pirang dosa , kaya-kaya taib  hanteu migawe dosa samasakali
2.yen mikacinta Alloh Swt. Ka taib
3.yen moal ngawasaan setan ka taib jeung ngaraksa/ngajagi Alloh Swt. Ka taib tina setan
4.yen nyalameutkeun Alloh ka taib tina kasieun samemeh kaluar ti alam dunya

لأنه عز وجل قال {تَتَنَزَّلُ عَلَيْهِمْ المَلَائِكَةُ أَلاَّ تَخَافُوا وَلا تَحْزَنُوا وَأَبْشِرُوا بِالجَنَّةِ الَّتِي كُنْتُمْ تُوعَدُونَ}
karana saestuna Alloh A`zza wa jalla parantos ngadawuh :”tarurun malaikat ka itu jalma-jalma, kana yen ( sasanggeum malaikat : ) ulah sarieun aranjeun jeung ulah prihatin aranjeun jeung kudu barungah aranjeun kalawan surga anu bukti aranjeun dijangjian aranjeun

وروى عن خالد بن معدان أنه قال: إذا دخل التوابون الجنة قالوا ألم يعدنا ربنا أن نرد النار قبل أن ندخل الجنة؟ قيل لهم إنكم مررتم بها وهي خامدة.
Diriwayatkeun ti kholid bin ma`dan saestuna kholid ngadawuh :”tetkala geus arasup ka surga pirang-pirang jalma anu tarobat , mangka ngarucap pirang-pirang jalma anu tarobat :”naha sanes ngajangjikeun  alloh Swt ka urang sadaya yen urang sadaya bakal ngadatangan naraka samemeh asup ka surga ? mangka diwaleur ( ku Alloh Swt : ) aranjeun geus ngaliwatanna sedengkeun naraka eta pareum.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar