Sabtu, 23 Juni 2012

BAGEAN WALI ALLOH SWT. :


قسم الولي :
الولي نصيبان : المشهور والمستور
Ari waliyulloh eta aya dua bagean :
1. Wali Masyhur ( wali anu sohor )
2. Wali Mastur ( Wali anu teu sohor / ditutupan kasohoranna )
سمعت أبا بكر الصيدلاني و كان رجلاً صالحاً يقول : كنت أصلح اللوح في قبر أبي بكر الطمستاني أنقر فيه اسمه في مقبرة الحيرة ، وكان يقام ذلك اللوح ويُسرق ، ولم يسرق غيره من القبور، فكنت أتعجب منه، فسألت الأستاذ أبا علي الدقاق رحمه الله يوماً عن ذلك فقال : إن ذلك الشيخ آثر الخلفاء في الدنيا، وأنت تريد أن تشهر قبره باللوح الذي تصلحه فيه، وإن الحق سبحانه يأبى إلا إخفاء قبره، كما آثر هو ستر نفسه
Parantos ngarungu kaula ka Abu Bakar Ash-Shoidalany Rhm. Salah saurang anu sholih, nyaritakeun :”hiji waktu kaula bulak balik ngomean batu padung makam Abu Bakar At-Thomastany di pakuburan Al-Hiroh   jeung   ngukir ngaranna kana eta padung , namung ujug-ujug digali jeung dipaok jalma, sok sanajan makam-makan anu sanes hanteu , sabab bingung nyanghareupan hal ieu, kaula tumaros ka Abu A`li Ad-Daqqoq, anu salajeungna ngajelaskeun ka kaula,:”Syeikh ieu langkung resep hanteu dikenal jalma di ieu dunya, tapi anjeun hoyong masihanna batu padung anu bakal ngadangdosan kenangan ka anjeunna. Alloh Swt. Hanteu hoyong kajaba teuteup nyumputkeunna sakumaha kaayaan dirina anu langkung dipikaresepna waktu hirupna.
وقال سعيد بن سلام المغربي : قد يكون الوليُّ مشهوراً، ولكنه لا يكون مفتوناً
Parantos nyarios Sa`id bin Salam Al-Maghriby Rhm. :”kadang-kadang saurang wali kasohor ka mana-mana, namung anjeunna moal rek kagoda ku kasohorannana eta.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar