Sabtu, 23 Juni 2012

JANTEUN WALI ALLOH SWT.


صار الولي الله تعالى :

قَالَ زَيْنُ الدِّيْنِ بْنِ عَلِى اْلمَلِيْبَرِى رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى فِى كِتَابِهِ "هِدَايَةِ اْلأَذْكِيَاءِ   : مَنْ رَامَ أَنْ يَسْلُكَ طَرِيْقَ اْلأَوْلِيَا * فَلْيَحْفَظْنَ هَذِى اْلوَصَايَا عَامِلَا

Parantos ngadawuh Syekh Zainuddin bin Ali Al-malibary Rhm. Dina kitabna
“ Hidayatil Adzkiya “ : Sing sahaning jalma anu boga kahayang kana rek ngambah kana perjalanan Para Wali Alloh Swt., mangka kudu ngaraksa eta jalma kana ieu wasiat halna daek ngalaksanakeunnana.

أَحَدُهَا : حِفْظُ اْلأَوْقَاتِ
وَثَانِيْهَا : تَعَلُّمُ اْلعِلْمِ الشَّرْعِى
وَثَالِثُهَا : اْلمُحُافَظَةُ عَلَى السُّنَنِ
وَرَابِعُهَا : التَّوْبَةُ
وَخَامِسُهَا : القَنَاعَةُ
وَسَادِسُهَا : الزُّهْدُ
وَسَابِعُهَا : التَّوَكَّلُ
وَثَامِنُهَا : اْلإِخْلَاصُ
وَتَاسِعُهَا : اْلعُزْلَةُ
Ari kahijina tina itu wasiat eta :
1. Ngaraksa pirang-pirang waktu
2. Sing daek milari elmu syareat ( fiqih, tauhid & tashowwuf )
3. Sing rajin ngalaksanakeun pirang-pirang pasunatan
4. Tobat
5. Qonaah
6. Zuhud
7. Tawakkal
8. Ikhlas
9. Uzlah

وقال الخرّاز :
إذا أراد الله تعالى أن يوالي عبداً من عبيده فتح عليه باب ذكره، فإذا استلذ الذكر فتح عليه باب القرب، ثم رفعه إلى مجالس الأنس به، ثم أجلسه على كرسي التوحيد، ثم رفع عنه الحجب وأدخله دار الفردانية ، وكشف له عن الجلال والعظمة، فإذا وقع بصره على الجلال والعظمة بقي بلا هوى ، فحينئذ صار العبد زمناً فانياً، فوقع في حفظه سبحانه، وبرىء من دعاوى نفسه
Parantos ngadawuh Al-khorroz  :”upami Alloh Swt. Ngeursakeun ngangkat salahsaurang abdi-Na janteun Wali, mangka Alloh bakal muka pikeun eta abdi panto gerbang dzikir  ka Alloh Swt. Upami anjeunna tos ngarasakeun amisna dzikir , mangka Alloh bakal mukakeun pikeun eta abdi panto kacakeutan. Lajeung ditaekkeun kana tahta kasukacitaan ruhani.lajeung eta abdi ditempatkeun Alloh diluhur tahta tauhid .lajeung dibuka tutup jeung diasupkeun kaleubeut bumi katunggalan. Dibagikeun pikeun eta abdi kaagungan sareung ka maha agungan Ilahi, tetkala socana mencrong kaagungan sareung ka maha agungan Ilahi eta abdi teuteup kalawan teu aya dirina.dina waktu saperti itu, eta abdi jadi Fana` saparantos eta eta abdi bakal aya dijero panyalindungan Alloh Swt. Bebas tina kadoyongan dirina sorangan.

قال بعض الحكماء  : من قال في كل يوم ألف مرّة : أستغفر الله للمؤمنين والمؤمنات كتب من الأولياء
Parantos ngadawuh sapalih hukama : “Sing saha jalma anu maos dawam  dina saban poe 1000 balen : “Astagfirulloh lil mu`minina wal mu`ninac, maka dituliskeun eta jalma tina sapalihna para wali Alloh Swt.

وقيل : إن إبراهيم بن أدهم قال لرجل : أتحبُّ أن تكون لله ولياً ؟ فقال : نعم ، فقال : لا ترغب في شيء من الدنيا والآخرة، وفرغ نفسك لله تعالى، وأقبل بوجهك عليه ليُقبل عليك ويواليك
Ibrohim bin Adham kantos tumaros ka hiji jalma :”naha anjeun palay janteun wali Alloh ? eta jalma ngawaleur :”sumuhun, ibrohim lajeung nyarios :”upami kitu anjeun ulah ngahoyongkeun harta kakayaan dunya atanapi ( surga di ) akhirat. Kudu ngosongkeun diri anjeun mung pikeun Alloh Wungkul. Kudu malengoskeun raray anjeun ka Alloh, supados Alloh malengos ka anjeun jeung ngajadikeun anjeun wali Alloh.


قِيْلَ لِإِبْرَاهِيْمَ عَلَيْهِ السَّلَامُ : لِأَيِّ شَيْءٍ إِتَّخَذَكَ اللهُ خَلِيْلًا ؟ قَالَ : بِثَلَاثَةِ أَشْيَاءَ : إِخْتَرْتُ أَمْرَ اللهِ تَعَالَى عَلَى أَمْرِ غَيْرِهِ ، وَمَا اهْتَمَمْتُ بِمَا تَكَفَّلَ اللهُ لِىْ ، وَمَا تَعَشَّبْتُ وَمَا تَغَدَّيْتُ إِلَّا مَعَ الضَّيْفِ

Kangjeung Nabi Ibrohim As. kantos ditaros :”Sabab perkara naon parantos ngadameul Alloh Swt. ka anjeun ( Ibrohim ) halna kakasih ? mangka ngawaleur Nabi Ibrohim As. :” eta kalawan sabab 3 pirang-pirang perkara :”
1.kaula ( resep ) milih kana parentah Alloh Swt.disaluhureun parentah salian Alloh Swt.
2.kaula hanteu mentingkeun kana perkara anu parantos ditanggung ku Alloh Swt. ( sapertos hanteu mikiran dongkapna rizqi da tos dijamin ku Alloh Swt. )
3.hanteu pati-pati tuang pasosore sareung tuang enjing-enjing kaula kajaba sarta tatamu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar