Sabtu, 23 Juni 2012

SAPALIH KAROMAH PARA WALI :


بعض الكرامة الأولياء :

قال عسكر النخشبى : إذا ألف القلب الإعراض عن الله تعالى صحبته الوقيعة في أولياء الله تعالى
Parantos ngadawuh Abu Turob An-Nakhsyaby Rhm. :”tetkala hate hiji jalma jadi kabiasaan malengos ti Alloh Swt.mangka kajadian eta diuninga ku para Wali Alloh Swt. ( Anu pangkatna Nuqoba, sabab sapalih karomahna para wali nuqoba uninga kana tapak dampal sampean jalma tukang ibadah sareung uninga kana tapak dampal sampean jalma tukang maksiat )
قال سيّد إبراهيم المتبولى رحمه الله تعالى : نحن فى الدنيا خمسة لا شيخ لنا إلاّ رسول الله صلعم : الجنيدى والشيخ أبو مديان والشيخ عبد الرحيم الغنوى والشيخ أبو السعود ابن أبى العشآئر والشيخ أبو الحسن الشاذلى رضى الله عنهم
Parantos sayyis Ibrohim Al-Matbuly Rhm. :” Abdi sadaya limaan di dunya hanteu ngagaduhan guru sanes kajaba Rosululloh Saw. :”nyatana
1. Al-Junaidy ( maksadna diri anjeunna nyalira ) Ra.
2. Syekh Abu Madyan Ra.
3. Syekh Abdur Rahim Al-Ghonawy Ra.
4. Syekh Abus Su`ud bin Abyl A`syair Ra.
5. Syekh Abul Hasan Syadzily Ra.
قال الشيخ أبو العبّاس المرسى رحمه الله تعالى : لى أربعون سنة ماحجبت عن رسول الله صلعم طرفة عين ولو حجب عنّى طرفة عين ما عددت نفسى من جملة المسلمين
Parantos ngadawuh Abul Abbas Al-Mursy Rhm. :” 40 taun Rosululloh Saw. Teu acan kantos ical ti kaula sakiceup soca oge , upami Rosululloh Saw. Ical ti kaula sakiceup soca bae, mangka diri kaula hanteu bias digolongkeun dina sajumlah kaum muslimin “.
وقال الشيخ جلال الدين السيوطى رحمه الله تعالى : رأيت النبي صلعم واجتمعت به يقظة نيفا وسبعين مرّة
Parantos ngadawuh syekh Jalaluddin As-Suyuthy Rhm. :”parantos ninggal kaula ka Kangjeung Nabi Saw. Sareung ngariung kaula sarta Nabi Saw.dina kaayaan jaga ( sanes ngimpen ) sareung ngobrol langsung ( sarta Nabi Saw. ) saseueur 70 kali”.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar