Sabtu, 23 Juni 2012

TA`RIFAT WALI


الباب الخامس
فِى تعريفات الأولياء والولي والولاية

BAB KA V
DINA MERTELAKEUN PIRANG – PIRANG PATOKAN PARA WALI , WALI JEUNG KAWALIAN

والأولياء : جمع التكسير :ومفردها : ولى
Ari kalimah Auliya ( para wali ) eta jama` taksir ( kalimah jama` anu hanteu aya aturan )  : ari mufrodna eta Waliyun ( anu ngajamin kaamanan qoum )
وقد ورد فى القرآن الكريم: قال الله تعالى : ألا إنَّ أولياءَ الله لا خوف عليهم ولا هم يحزنون ( فى سورة يونس : 62 )
Jeung nyata parantos kawarid dina Al-Qur`an anu mulya : ”Eling-eling saestuna para wali Alloh eta teu ata kameulang ka aranjeunna sareung teu aya seudih hate aranjeunna”.  
وهذه الآية الدلّالة على صفات الأوبياء
Jeung ari ieu ayat tuduh kana pirang-pirang sifat para wali
كما قَالَ النَّبِىُّ صَلْعَمَ : اْلأَوْلِيَاءُ هُمْ قَوْمٌ تَحَابُوْا فِى اللهِ مِنْ غَيْرِ أَمْوَالٍ وَلَاأَنْسَابٍ وَجُوْهُهُمْ نُوْرُ عَلَى مَنَابِرَ مِنْ نُوْرٍ إِذَا خَافَ النَّاسُ وَلَا يَخْزَنُوْنَ إِذَا حَزِنَ النَّاسُ ( رَوَاهُ ابْنُ جَرِيْرٍ عَنْ أَبِى هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُمَا )
Sakumaha Parantos ngadawuh Kangjeung Nabi Saw.: “ari para wali nyaeta hiji koum anu silih welas asih karana Alloh Swt. Sanes karana harta banda sareung turunan , pirang-pirang raray aranjeunna mangrupikeun cahaya diluhur pirang-pirang mimbar cahaya, aranjeunna hanteu ngarasa sieun upama manusa sieun,sareung aranjeunna hanteu ngarasa susah diwaktu manusa susah ( parantos ngariwayatkeun kana hadits Ibnu Jarir ti Abi Huroiroh Ra. ).
وقال يحيى بن معاذ في صفة الأولياء : هم عباد تسربلوا بالأنس بعد المكابدة، واعتـنقوا الروح بعد المجاهدة بوصولهم إلى مقام الولاية
Parantos ngadawuh Yahya bin Mu`adz dina ngagambarkeun sifat para wali :”aranjeunna nyaeta pirang-pirang abdi anu nganggo anggoan kasukacitaan jiwa saparantos ngalaman penderitaan sareung anu ngageum ruhani saparantos mujahadah tetkala aranjeunna ngahontal tahapan kawalian.”
ويقال : من صفة الولي أن لا يكون له خوف، لأن الخوف ترقب مكروه يحل في المستقبل، أو انتظار محبوب يفوت في المستأنف، والولي ابن وقته، ليس له مستقبل فيخاف شيئاً
وكما لا خوف له لا رجاء له، لأن الرجاء انتظار محبوب يحصل ، أو مكروه يُكشف ، وذلك في الثاني من الوقت، وكذلك لاحزن له، لأن الحزن من حزونة الوقت ، ومن كان في ضياء الرضا وبَرَدَ الموافقة فأنى يكون له حزن ؟ قال الله تعالى : ألا إنَّ أولياءَ الله لا خوف عليهم ولا هم يحزنون ( فى سورة يونس : 62 )
Dicarioskeun :”salahsahiji sifat wali nyaeta yen anjeunna teu boga rasa sieun, sabab sieun nyaeta hiji kaayaan anu dibendu, anu nempatan dina waktu pikahareupeun atanapi ngantosan kakasih anu leungit di waktu ka tukang , sedeungkeun wali eta anak waktuna, teu aya gambaran dipayun sahingga anjeunna kudu sieun,  atanapi teu aya hareupan, sabab hareupan eta nyalira nyaeta ngantosan anu dipikacinta pikeun dating, atanapi malahan anu dibendu engke kabuka Kedokna, hal eta oge aya diluar wengku waktu ayeuna, wali oge tara kantos ngarasa sedih, sabab sedih nyaeta katalangsaraan dina waktu, meureun kumaha jalma anu tos ngaraoskeun cahaya Ridho jeung tingtrim na sapagodos kalawan karidhoan-Na bakal ditimpa kaseudihan ? sakumaha parantos ngadawuh Alloh Swt. ”Eling-eling saestuna para wali Alloh eta teu ata kameulang ka aranjeunna sareung teu aya kaseudih hate aranjeunna”.  
يقول أبو يزيد البسطامي : أولياء الله تعالى عرائس الله تعالى ، ولا يرى العرائس إلا المحرومون ، فهم مخدرون عنده في حجاب الأنس، لا يراهم أحد في الدنيا ولا في الآخرة
Abu Yazid Al-Busthomi Rhm. Nyarioskeun :”para wali Alloh nyaeta pirang-pirang panganten-na jeung teu saurang oge anu meunang ninggal para panganten salian ti aranjeunna. Anu kaleubeut dina kulawarga-na , aranjeunna ditutupan dina ruangan khusus di hadroh-Na ku kasukacitaan jiwa ( uns ).hanteu saurang oge anu ninggal aranjeunna naha di ieu dunya atanapi di akhirat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar