Sabtu, 23 Juni 2012

PIRANG –PIRANG SYARAT WALI ALLOH SWT. :


شرائط الولى :

كما قال اْلإِمَامُ أَبُو اْلقَاسِمِ عبد الكريم بن هوازن القشيري رحمه الله تعالى:
Sakumaha parantos ngadawuh Imam  Abul Qosim Al-Qusyairy Rhm. :”
ومن شرط الولي أن يكون محفوظاً، كما أن من شرط النبي أن يكون معصوماً، فكل من كان للشرع عليه اعتراض فهو مغرور مخدوع
Tina salahsahiji syarat hiji wali nyaeta yen bukti Alloh nyalindunganna eta wali tina malikan deui pirang-pirang dosa ( Mahfuzh ), sakumaha yen syarat hiji Nabi yen bukti dijaga hiji Nabi tina sadaya dosa ( Ma`shum ), mangka saban-saban jalma anu bukti eta jalma nyimpang tina syariat ( pirang-pirang Hukum ) Alloh Swt. Ngandung harti tos atipo eta jalma.
شَرَائِطُ اْلوَلِى سِتَّةٌ : اْلمَحْفُوْظُ وَاْلمُحَاسَبَةُ وَ اْلعُزْلَةُ وَاْلمُرَاقَبَةُ وَالرِّيَاضَةُ وَاْلمُجَاهَدَةُ
Syarat wali eta aya 6  :
1.   Mahfuzh ( dipiara ku Alloh tina dosa )
2.
   Muhasabah ( mengkaji diri jeung kedah nganggap diri pinuh kahinaan
       tinimbang jalma lian )
2.      Uzlah
3.      Muroqabah
4.      Riyahdoh
5.      Mujahadah

قَالَ الشَّيْخُ يَحْيَ بْنُ مُعَاذُ الرَّازِى رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى : الرِّيَاضَةُ هِيَ اْلقُوْتُ مِنَ الطَّعَامِ وَاْلغَمْضُ مِنَ اْلَمنَامِ وَاْلحَاجَةُ مِنَ اْلكَلَامِ وَحَمْلُ اْلـأَذَى مِنْ جَمِيْعِ اْلأَنَامِ

Parantos ngadawuh syekh Yahya bin Mu`adz Ar-Rozy Rhm. : “ Ari ngaran riyadhoh nyaeta :”Dahar saperluna (nyakeudikeun tuang ), nahan sare ( nyakeudikeun kuleum ), nyarios saperluna jeung tahan tina sakabeh gangguan manusa.
قَالَ الشَّيْخُ أَبُو ْالقَاسِمِ اْلجُنَيْدِى رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى : شَرَائِطُ اْلمُجَاهَدَةِ ثَمَانِيَةٌ :
دوام الوضوء ودوام الصوم ودوام السكوت ودوام الخلوة ودوامالذكر وهو قول لاإله إلا الله ودوام ربط القلب بالشيخ واستفادة علمالواقعات منه بفناء تصرفه فى تصرف الشيخ ودوام نفي الخواطر ودوام نركالاعتراض على الله تعالى فى كلما يرد منه عليه ضرا كان أو نفعا وتركالسؤال عنه من جنة أو تعود من نار

Parantos ngadawuh syekh Abul Qosim Al-Junaidy Al-Baghdady Rhm. : “ Ari pirang-pirang syarat mujahadah eta aya 8 :”
1. ngalanggeungkeun wudhu.
2. ngalanggeungkeun puasa.
3. ngalanggeungkeun cicing.
4. ngalanggeungkeun kholwat.
5. ngalanggeungkeun dzikir, nyatana ucapan “laa illaha illallah”.
6. ngalanggeungkeun hubungan batin reujeung  syekh, di sagedengeun nyandak faedah elmu anu karandapan ti  syekh kalawan kafanaan salik dijero upaya syekh.
7. ninggalkeun sakabeh harewosan kakhawatiran.
8. ninggalkeun sikeup menentang Alloh SWT. Naha dina kaayaan ngabahayakeun atanapi dina kaayaan anu mere mangfaat disagedengeun ninggalkeun nyuhunkeun surga ka Alloh Swt. Sareung nyalindung tina naraka
فِى شَرْحِ كِفَايَةِ اْلعَوَّامِ :  قَالَ الشَّيْخُ الْيُوْسِىُّ رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى نَقْلاً عَنْ بَعْضِ الأَئِمَّةِ : لَا يَكُوْنُ الشَّخْصُ وَلِيًّا إِلاَّ بِشُرُوْطٍ أَرْبَعَةٍ اْلأَوَّلُ أَنْ يَكُوْنَ عَارِفًا بِأُصُوْلِ الدِّيْنِ حَتَّى يَفْرِقَ بَيْنَ الْخَالِقِ وَالْمَخْلُوْقِ وَ بَيْنَ النَّبِى وَالْمُتَنَبِّى أَىْ مُدَّعِى النُّبُوَّةِ
Dina kitab syarah kifayatul awwam : parantos ngadawuh Syekh Al-Yuusi halna nyalin ti sapalihna pamadeugan para imam :” hiji jalma hanteu bukti eta hiji jalma di anggap hiji wali kajaba kalawan pirang-pirang syarat anu 4 :
Kahijina eta yen bukti eta wali teh uninga kana ushuluddin, sahingga tiasa ngabenteunkeun antara anu ngadameul ( Alloh ) sareung anu di dameul  ( Makhluk ) oge antara Nabi sareung jalma anu ngaku jadi Nabi tegesna anu ngada`wakeun kanabian
 وَالثَّانِى أَنْ يَكُوْنَ عَالِمًا بِأَحْكَامِ الشَّرِيْعَةِ نَقْلاً وَفَهْمًا بِحَيْثُ لَوْ أَذْهَبَ اللهُ عِلْمَ أَهْلِ الأَرْضِ لَوَجَدَ عِنْدَهُ
Ari kaduana eta yen bukti eta wali teh uninga kana pirang-pirang hukum syareat naha naqli ( nash ) ) atanapi dina pamahaman dalil kalawan babandingan, saumpamana Alloh nyabut elmuna penduduk bumi tangtu kapendak eta elmu di sagedengeun eta wali.
وَالثَّالِثُ أَنْ يَتَّصِفَ بِالْمَحْمُوْدِ مِنَ الأَوْصَافِ كَالْوَرَعِ وَاْلاِخْلاصِ فِىْ كُلِّ عَمَلٍ
Ari katiluna eta yen ngagaduhan sifat anu kapuji dina pirang-pirang sifat sapertos waro` sareung ikhlas  dina ( migawe ) sakur-sakur  a`mal.
وَالرَّابِعُ أَنْ يُلاَزِمَ الْخَوْفَ أَبَدًا بِأَنْ لَايَجِدُ طُمَأْ نِيْنَةً طَرْفَةَ عَيْنٍ إِذْ لَا يَدْرِىْ أَهُوَ مِنْ فَرِيْقِ السَّعَادَةِ أَوْ مِنْ فَرِيْقِ الشَّقَاوَةِ
Ari ka opatna eta yen neuteupkeun sieun ( ka Alloh ) dina salami-lamina , kana yen teu acan kantos ngarasa tenang sakiceup soca ogesabab ngarasa teu nyaho eta jalma naha ari eta jalma teh tina sapalihna golongan anu bagja atanapi tina sapalihna golongan jalma anu cilaka ?  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar