Sabtu, 23 Juni 2012

WALI ALLOH SWT. SALAWASNA JUMEUNEUNG :



فإن قيل : فهل يكون الولي حياةً  ؟
Mangka upami di taros : naha ari wali eta salawasna jumeuneung ?

فالجواب عنه : نعم
Mangka waleurna tina eta patarosan : sumuhun, jumeuneung

1.hirup namina sanajan tos maot, tah ari teras-terasan disebat – sebat namina padahal jalmina tos maot  mangka anu samodel kitu teh disebat hahekatna  panjang umur
2.hirup disagedengeun Rabb-Na


كما قال الله تعالى : وَلاَ تَحْسَبَنَّ الَّذِينَ قُتِلُواْ فِي سَبِيلِ اللّهِ أَمْوَاتًا بَلْ أَحْيَاء عِندَ رَبِّهِمْ يُرْزَقُونَ ﴿١٦٩﴾

Sakumaha parantos ngadawuh Alloh Swt. : “Ulah ngira aranjeun kana yen pirang-pirang  jalma anu maraot di jalan Alloh ( sapertos Para Nabi, Para Rosul, Para Ulama, Para Syuhada sareung Para Wali ) eta mararaot balikta jarumeuneung aranjeunna ( dileubeut kuburna ) di sageudengeun Robb-Na halna dipaparin
rizqi “.( Q.S. Al-Imron : 169 )
كما قال النبي صلعم : مررت ليلة  أسري بى على موسى عليه السلام قائما يصلّى فى قبره
Sakumaha parantos ngadawuh Kangjeung Nabi Saw.:”Parantos ngaliwat Kaula dina wengian di Isrokeun kaula ka Nabi Musa As. Halna ngadeug  keur sholat di jero kuburna.
وقال النبي صلعم : الأنبياء أحياء في قبورهم يصلون
Sareung parantos ngadawuh Kangjeung Nabi Saw.:”Ari Para Nabi As. Eta jarumeuneung dileubeut kuburna nuju nareuteupan ( sarolat  ).

Parantos ngadawuh Imam Sya'roni Rhm. : "Kaula dipaparin nuhraha ku Alloh Swt. Mangrupi pangaweuruh , naha hiji wali keur aya dijero kuburna atanapi hanteu. Sabab memang para wali dijero kuburna ngagaduhan kasibukkan nyalira. Aranjeunna salawasna datang jeung indit. Kaistimewaan ieu oge dipimilik ku Syeikh ‘Ali al-Khowwas _ guru Imam  Sya'roni _. ieu guru upami ninggal hiji jalma rek ziaroh ka makam hiji wali kadang-kadang nyarios : " Gancang  indit kaditu, sabab sakeudeung deui, eta wali rek indit pikeur kaperyogian ! ". hiji perkara nalika Syeikh Sya'roni _ ziaroh ka makam Syeikh Umar Ibn al-Faridl , tapi hanteu mendakkan dileubeut kuburna. Saparantos eta, Syeikh Umar  datang ka anjeunna, barina nyarios : "Hapunteun abdi, sabab tadi abdi aya kaperyogian ".

Tidak ada komentar:

Posting Komentar