Sabtu, 23 Juni 2012

PIRANG-PIRANG CIRI PARA WALI ALLOH SWT. :


علامات الأولياء :


فإن قيل : فما علامة الأولياء الله تعالى ؟
Upami ditaros :” naon  ari cirina para wali Alloh Swt ?  
فالجواب عنه :
Mangka waleurna tina eta patarosan :  

قَالَ سَيِّدُنَا عُثْمَانُ ابْنِ عَفَّانِ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ : عَلَامَةُ اْلأَوْلِيَاءِ ثَمَانِيَةُ أَشْيَاءَ :قَلْبُهُ مَعَ اْلخَوْفِ وَالرَّجَاءِ وَلِسَانُهُ مَعَ اْلحَمْدِ وَالثَّنَاءِ وَعَيْنَاهُ مَعَ اْلحَيَاءِ وَاْلبُكَاءِ وَإِرَادَتُهُ مَعَ التَّرْكِ وَالرِّضَا

parantos ngadawuh Sayyiduna Utsman bin Affan Ra. :” Ari cirina para wali eta aya 8 pirang-pirang perkara :

1. ari hatena para wali eta salawasna sieun ku Alloh Swt. ( khouf ) anu akhirna  
    ninggalkeun sakabeh pamaksiatan
2. salawasna ngareup-ngareup rohmat Alloh Swt ( roja )
3. lisanna salawasna muji ka Alloh Swt ( Hamd )
4. salawasna ngaleum ka Alloh Swt ( Tsana )
5. dua socana para wali salawasna isin ku Alloh Swt. ( Haya )
6. salawasna nyeungceurikan dosa ( Bukai )
7. ninggalkeun dunya ( tarkaddunya ), tegesna ngutamikeun akherat.
8. salawasna nyuprih karidhoan Alloh Swt.

وقال الإمام أبو نصرعبد الله بن على السرّاج الطوسى رحمه الله تعالى : بلغنى عن يوسف الحسين الرازي رحمه الله تعالى أنّه قال : بلغنى عن ذي النون المصرى رحمه الله تعالى أنّه قال : علامة الولىّ ثلاثة : لايطفئ نور معرفته نور ورعه ، ولايعتقد باطنّا من العلم ينقض عليه ظاهرا من الحكم ، ولا يحمله كثرة نعم الله تعالى عليه وكرامته على هتك أستار محارم الله تعالى

parantos ngadawuh Abu Nashr abdillah bin A`li as-Sarraj ath-Thusi Rhm.  : Sakumaha Parantos nampi kaula ti Yusuf bin Husain Ar-razi Rhm. , Kana saestuna manteunna ngadawuh : Parantos nampi kaula ti Dzun-Nun Al-Mishri Rhm, Kana saestuna manteunna ngadawuh :  Ari Cirina wali Alloh Swt.  Eta aya 3 ciri :

1. sinar ( nur ) ma`rifat anjeunna hanteu mareumkeun sifat waro`-Na
2.sacara batin hanteu boga kayakinan hiji elmu dimana hukum lahirna ( Syariat-Na ) ngaruksak eta kayakinan
3.seueurna Ni`mat Alloh sareung Kamulyaan ( Karomah ) anu dipaparinkeun ka anjeunna hanteu ngadorong anjeunna pikeun ngaut-ngaut hahalang pirang-pirang larangan Alloh Swt.

وَقَالَ اْلإِمَامُ أَبُو اْلقَاسِمِ عبد الكريم بن هوازن القشيري رحمه الله تعالى فى الرّسالته : علامة الولىّ ثلاثة : شغله بالله تعالى ، وفراره إلى الله تعالى ، وهمّه الله عزّ وجلّ

Parantos ngadawuh Imam Abul Qosim Abdil karim bin Hawazin Al-Qusyairy Rhm. Dina kitab Risalah Al-Qusyairiyyah-Na : Ari Cirina wali Alloh Swt.  Eta aya 3 ciri :


1. ( salawasna ) disibukkeun anjeunna reujeung Alloh Ta`alaa ( tegesna moal rek      malire kana dunya ).
2. Panglumpatan anjeunna ( salawasna ) ka Alloh Ta`ala
3. Tujuan anjeunna mung ka Alloh anu Maha Mulya tur Maha Agung
وَقاَلَ اْلإِمَامُ أَبُوْ هَمَّامِ عَبْدِ الرَّحْمَانِ بْنِ مُجِيْبِ رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى  فِى حِلْيَةِ اْلاَوْلِيَاءِ ص:۱۱: عَلَامَةُ اْلوَلِىِّ ثَلَاثَةَ عَشَرَ : لِنَفْسِهِ ذَابِحٌ، وَلِهَوَاه فَاضِحٌ، وَلِعَدُوِّه جَارِحٌ، وَلِلْخَلْقِ نَاصِحٌ. دَائِمِ اْلوَجَلِ، يَحْكُمُ اْلعَمَلَ، وَيَبْعَدُ اْلأَمَلَ وَيَسُّدُّ اْلخِلَلَ، ويَغْضَى عَلىَ الزَّلَلِ، عُذْرُهُ بِضَاعَةٍ، وَحَزْنُهُ صَنَاعَةٌ وَعَيْشُهُ قَنَاعَةٌ بِالْحَقِّ عَارِفٌ وَعَلىَ الْبَابِ عَاكِفٌ وَعَنِ الْكُلِّ عَازِفٌ.
Parantos ngadawuh Imam Abul Hammam Abdir Rohman bin Mujib Rhm. Dina kitab Hilyatil Auliya kaca 11 : Ari Cirina wali Alloh Swt.  Eta aya 13 ciri :
1.      Ngarasa diri pribadi  anjeunna bangeut hina ( dibandingkeun jeung anu lian )
2.      Nahan diri jeung merangan hawa nafsu-diriNa
3.      Mere nasehat ka makhluk
4.      Salawasna nyakeutkeun diri ka Alloh
5.      Ngagaduhan tingkah laku anu wijaksana
6.      Ngajauhan nga-andai-andai ( ngalamun dina kadunyaan )
7.      Tara daek nyawad
8.      Nyeugah pagawean dosa
9.      Waktu kosongna dipake pikeun ibadah
10.  Susahna ngahaja di jieun-jieun ( sabab hiji wali Alloh kaceugah tina rupi-rupi kasedihan sareung kasusahan dunya ),
11.  Hirupna saderhana ( ala kadarna )
12.  Arif kana perkara anu beuneur
13.  Mengasingkan diri ( nyorangan ) sareung nyeugah tina sadaya perkara anu teu aya mangfaatna.

وَقَالَ اْلإِمَامُ أَبُو اْلقَاسِمِ عبد الكريم بن هوازن القشيري رحمه الله تعالى فى الرّسالته : علامة الولىّ الصَّادِقِ: أَنْ يَفْتَقِرَّ بَعْدَ الغِنىَ، وَيَذِلَّ بَعْدَ الْعِزِّ، وَيَخْفىَ بَعْدَ الشُّهْرَةِ، وَعَلاَمَةُ الولىّ اَلْكَاذِبِ: أَنْ يَسْتَغْنِيَ بِالدُّنْيَا بَعْدَ الْفَقْرِ، وَيَعِزَّ بَعْدَ الذِلِّ، وِيَشْتَهِرَ بَعْدَ الْخُلَفَاء
Parantos ngadawuh Imam Abul Qosim Abdil karim bin Hawazin Al-Qusyairy Rhm. Dina kitab Risalah Al-Qusyairiyyah-Na : Ari Cirina Wali Shodiq : eta ngarasa miskin saparantos kengeng kakayaan, ngarasa hina saparantos kengeng kamulyaan, sareung nyumputkeun dirina saparantos kasohor. Sedeungkeun Ari Cirina Wali Kadzib : eta ngarasa mulya saparantos hina , ngarasa kasohor anu mana samemehna manehna hanteu sohor.
كَمَا قَالَتْ عَائِشَةُ رَضِىَ اللهُ عَنْهَا  :وَعَنِ النَّبِـىِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ أَنَّهُ سُئِلَ أَىُّ النَّاسُ شَرٌّ قَالَ اَلْعَالِمُ اِذَا فَسَدَ وَيُقاَلُ اِذَا فَسَدَ اْلعَالِمُ فَسَدَ لِفَسَدِهِ اْلعاَلَم .(تَنْبِيْهُ اْلغَافِلِيْن:٥٧ )
Sakumaha parantos ngadawuh Siti Aisyah Ra. Ti Kangjeung Nabi Saw. :” saestuna manteunna parantos ditaros ,:” saha eta ari manusa anu goreng teh Hei Utusan Alloh ? mangka ngawaleur Kangjeung Nabi Saw. :” ari manusa anu hina teh nyaeta U`lama anu ruksak ( anu teu ngamalkeun elmuna ) jeung dibasakeun tetkala hiji a`lim eta ruksak mangka alam jagat raya oge bakal ruksak  sabab disababkeun karuksakan para alim.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar