Sabtu, 23 Juni 2012

HARTI WALI ALLOH SWT. :


معنى الولى:

إذا قيل : ما معنى الولى ؟ قيل : يحتمل أمران :
Dimana-mana ditaros ( anjeun ) :”naon ari hartina wali ? diwaleur : pikeun ngawanohkeun hartina wali eta aya 2 titik pandang :
الأول : أن يكون فعيلاً مبالغة من الفاعل؛ كالعليم، والقدير غيره، ويكون معناه : من توالت طاعاته من غير تخلل معصية
Kahijina :eta yen bukti wali halna wazan Faa`ilan , wangun mubalaghoh tina faa`il sapertos : A`liim sareung Qodiir sareung anu sajenisna,hartina nyaeta :” jalma anu salawasna tuluy-tuluyan dina kathoatanna ( ibadah-na ) kalawan hanteu diseulangan ku maksiat.
والثانى : ويجوز أن يكون فعيلاً بمعنى مفعول، كقتيل بمعنى مقتول، وجريح بمعنى مجروح، وهو الذي يتولى الحقّ سبحانه حفظه وحراسته على الإدامة والتوالي، فلا يخلق له الخذلان الذي هو قدرة العصيان، وإنما يديم توفيقه الذي هو قدرة الطاعة
Kaduana : bisa jadi yen bukti wangun faa`il ma`na  maf`ul sapertos : Qotiil kalawan ma`na Maqtuul sareung Jariih kalawan ma`na Majruuh, jadi wali hartina :” jalma anu dilindungi ku Alloh Swt. Reujeung miara tur ngabentengan eta jalma pikeun salawasna langgeung sareung teuras-teurasan dina kathoatan mangka pikeun wali hanteu dihias akhlak kahinaan anu mangrupikeun takdir ka maksiatan , tatapina Alloh ngalanggeungkeun Taufiq-Na anu mangrupikeun takdir kathoatan ka Allohna.
قال الله تعالى : وهو يتولى الصالحين ( فى سورة الأعراف : 196 )
Parantos ngadawuh Alloh Swt. : “Alloh nyalindungan ka pirang-pirang jalma anu sarolih “. ( dina surat Al-A`rof ayat ka 196 )
كما قال اْلإِمَامُ أَبُو اْلقَاسِمِ عبد الكريم بن هوازن القشيري رحمه الله تعالى: للولي معنيان : أحد هما : فعيل بمعنى مفعول وهو من يتولى الله سبحانه أمره ، قال الله تعالى : وهو يتولى الصالحين ( فى سورة الأعراف : 196 ) فلا يكله إلى نفسه لحظة ، بل يتولى الحق سبحانه رعايته .
Sakumaha parantos ngadawuh Imam  Abul Qosim Al-Qusyairy Rhm. :” keucap Wali ngabogaan 2 harti . anu kahiji asalna tina wangun Faa`il ( jejer ) anu ngandung harti Maf`ul ( obyek ), hartosna jalma anu diambil alih kakawasaanna ku Alloh Swt. Sakumaha parantos ngadawuh Alloh Swt. :”sareung Alloh ngambil alih urusan ( yatawalla ) pirang-pirang jama sarolih”.hanteu nguruskeun eta Wali kana diri-Na sakeudap oge balikta di ambil alih perhatosana eta wali ku anu Maha Haq ( Alloh ) Swt.
 والثاني : فعيل مبالغة من الفاعل، وهو الذي يتولى عبادة الله تعالى وطاعته، فعبادته تجري على التوالي، من غير أن يتخللها عصيان ، وكلا الوصفين واجب حتى يكون الولي وليَّا يجب قيامه بحقوق الله تعالى على الاستقصاء والاستيفاء، ودوام حفظ الله تعالى إياه في السراء والضراء
Ari anu ka 2 asalna tina wangun Fa`il dina harti Pangdedet/paneken( mubalaghoh ) tina Fa`il. Nyatana jalma anu salawasna tuluy-tuluyan ngalaksanakeun ibadah ka Alloh sareung tumut ka Alloh halna terus-terusan kalawan teu diselang kama`siatan.
2 harti ieu mesti aya di hiji wali pikeun bisa di anggap salaku Wali anu saleureusna, kalawan nanjeurkeun pirang-pirang hak Alloh Swt. Pikeun diri wali sapinuhna disagedenguen panyalindungan Alloh Swt. Ka eta wali dina waktu senang atanapi susah.
وَقَالَ سيدنا على بن أبى طالب كرم الله وجهه : اَلْوَلِيُّ هو الضامن الأمن لأهل الأرض كما قال تعالى : وماكان الله ليعذّبهم وأنت ( محمّد صلعم ) فيهم  وماكان الله معذّبهم وهم( أى الأولياء الله تعالى )  يستغفرون ( فى سورة الأنفال : 33 )

Numutkeun Sayyidina A`li bin Abi Tholib Kwh. :“saurang wali nyaeta anu ngajamin kaamanan pikeun penduduk bumi . sakumaha pidawuh Alloh Swt :” Alloh moal rek nyiksa ka aranjeunna sedeungkeun anjeun ( Nabi Muhammad Saw. ) sarta aranjeunna, sareung  Alloh moal rek nyiksa aranjeunna sedeungkeun araranjeun ( para wali Alloh Swt. ) maca istighfar ( menta pangampura pikeun mu`minin wal mu`minat ).
وَقَالَ جُنَيْدِيُّ رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى :  اَلْوَلِيُّ كَالاَرْضِ يُطْرَحُ عَلَيْهَا كُلُّ قَبِيْحٍ وَلاَ يَخْرُجُ مِنْهَا إِلاَّ كُلُّ مَلِيْحٍ وَقَالَ اَيْضًا: اَلْوَلِيُّ كَالاَرْضِ يَطَئُوْهَا الْبِرُّ وَالْفَاجِرُ وَكَالسَّمَاءِ وَكَالسَّحَابِ تُظِلُّ كُلَّ شَيْءٍ وَكَالْمَطَارِ يُسْقِى كُلَّ شَيْءِ . في الكتاب نشأة التصوف وتصريف الصوف ص ۲۲ وكتاب جامع الأصول في الأولياء ص ۳۲۹
Numutkeun Imam Junaidi al-Baghdadi Rhm. :“saurang wali eta sapertos bumi anu upami dibaledogan ku kagorengan  mangka anjeunna bakal salawasna ngabaleusna kalawan kasaean. Hiji wali eta sapertos bumi anu mana diluhurna lempang sadaya perkara anu sae atanapi anu awon ( sadayana ditampina ). Hiji wali oge sapertos langit atanapi angkeub anu menaungi sadaya anu aya dihandapna, sareung sapertos cai hujan anu nyiraman sadaya perkara kalawan teu aya milah sareung milih, [ naha sae atanapi awon sadayana diayomina ]”. (Kitab Nasyatu at-Tashawuf wa tashrifu as-Shufi kaca 22 jeung Jaami’ al-ushul fii al-auliya’ hal 329).
قَالَ اَبُو بَكَرٍ الشِّبْلِيْ رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى :  اَلْوَلِيُّ مَنْ صَفاَ قَلْبَهُ فَصَفَى، وَسَلَكَ طَرِيْقَ اْلمُصْطَفَى صَلَّى الله عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَرَمَى الدُّنْيَا خَلْفَ اْلقَفَا، وَأَذَاقَ اْلهَوَى طَعْمَ اْلجَفَا. (كتاب حلية الاولياء ص:۱۱) 
Numutkeun Aba Bakar al-Syibli :” saurang wali eta salah saulah anu mersihkeun hatena ( kalawan riyadhoh sareung mujahadah ) mangka narima bersih hatena, jeung nuturkeun jalanna  Nabi al-Musthofa SAW. Sarta teu kaleuwihan  mikirkeun perkara dunya ( langkung ngutamikeun masalah akhirat ), sareung ngicalkeun kahoyong hawa nafsuna ( kalawan riyadhoh sareung mujahadah ) . ( kitab Hilyatul Auliya' kaca 11 )
وقال سهل بن عبد الله : الوليّ هو الذي توالت أفعاله علي الموافقة
Sahl bin Abdulloh Rhm. Nyarioskeun :”Wali nyaeta anjeunna anu salawasna ngalakonan padameulanna anu sapagodos sareung aturan Alloh Swt.
وقال  يحيى بن معاذ : الولي لا يرائي ولا ينافق، وما أقل صديق من كان هذا خلقه
Parantos ngadawuh Yahya bin Mu`adz :”saurang wali migawe perkara sanes demi riya, hanteu oge munafik,anggursi sakeudikna para sobat sasaurang anu wateukna samodel kitu.
 وقال أبو علي الجوزجاني : الولي هو الفاني في حاله ، الباقي في مشاهدة الحق سبحانه ، تولى الله تعالى سياسته فتوالت عليه أنوار التولّي، لم يكن له عن نفسه إخبار ولا مع غير الله تعالى قرار
Parantos ngadawuh Abu A`li Al-Juzajany Rhm. :”saurang wali nyaeta anu fana `( kaseureup/ ilang ) ka ayaanna namung teteup dina musyahadah ( nyaksian langsung ) ka Alloh Swt. Alloh nga ambil alih pirang-pirang urusanna dugi kalawan eta pangarahan cahaya kawalian mudal.

وقيل فى بغية الأتقياء : اَلْوَلِيُّ الكامل المتباعة النبي صلعم ظاهرا وباطنا

dicarioskeun dina kitab Bughyah al-Atqiya`. : ari wali eta jalmi anu sampurna dina mapay tapak sunnah Nabi Muhammad SAW naha lahir atanapi bathin.


قَالَ الشيخ محمّد زين بن عبد الغني البنجري : الولى هو القائم بحقوق الله تعالى وحقوق العباد حسب الامكان واما ضابط الولى الكامل فهوالمداوم على الطاعات واجتناب المعاصى المعرض عن الانهماك فى اللذات سمى وليا لأنه تولى خدمة ربه وانهماك فيها معرضا عن نفسه وشهواته فولى الله تعاالى ورسوله صلعم فلم يخرج عن امر هما ونهيهما الى ميغضهما وقيل سمى وليا لان الله تولاه فلم يكله الى شيء سواه فوالاه الله بخوارق نعمه ورسوله والاه بمزيد امداده وكرمه

Numutkeun Syaikh Muhammad Zaini bin Abdul Ghony Al- Banjari rhm.:  Wali nyaeta hiji jalma anu ngalaksanakeun pirang-pirang hak Alloh Swt. Sareung pirang-pirang hak abdi sabisa mungkin. …Anapon harti wali anu sampurna nyaeta hiji jalma anu salawasna ( dawam ) ngalaksanakeun kathoatan sareung ngajauhan pamaksiatan sarta malengos tina titeuleum dina rupi-rupi kelezatan. Dingaranan wali sabab anjeunna ngurus ngakhidmah ka Allohna sareung teuleum dijerona sarta malengos anjeunna tina nafsu syahwatna.
mangka Alloh ta’ala sareung Rosul Saw. Ngabantosanna sahingga anjeunna hanteu nyalahan parentah sareung larangan Alloh sareung Rosul-Na, anu tiasa nimbulkeun kabeunduan Alloh sareung Rosul-Na. Sareung aya oge anu nyarios yen dingaranan wali sabab Alloh miarana ( makhfuzh ) jeung anjeunna hanteu nyeurahkeun ( ngawakilkeun ) dirina kana perkara salian Alloh Swt. mangka Alloh Swt.mantosan anjeunna kalawan pirang-pirang Nikmat-Na anu nyalahan kabiasaan, sareung  Rosul Saw. Mantosan anjeunna kalawan tambihan imdâd-Na ( pitulung Rosul ) sareung karam-Na ( Kamulyaan Rosul ).

قَالَ اْلحَبِيْبُ عَبْدُ اللهِ بْنِ عَبْدِ اْلقَادِرِ بَلْفَقِيْهِ رحمه الله تعالى : اَلْوَلِيُّ هو المؤمن المتّقي

Numutkeun Al-habib Abdullah bin Abdul Qodir balfaqih rhm. :  Wali Allah nyaeta hiji jalma anu iman sareung anu taqwa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar